Latihan Ulangan Akhir Semester 1
Tahun Pelajaran 2011/2012
Bahasa Sunda
Kelas 9
wacana! (No. 1, 2, 3)
Adat Kabiasaan Urang Sunda
1. Acara nanyaan daek heunteuna awewe dikawin ku lalaki anu mikahayangna disebut ngalamar
2. Acara nyerenkeun calon panganten lalaki ka kulawarga calon panganten awewe disebut nyerahkeun
3. Acara calon panganten dikawinkeun di hareupeun naib jeung para saksi disebut akad nikah
4. Artikel sipatna objektif, maksudna eusina kudu dumasar fakta atawa kanyataan di masarakat
5. Gus, geura hudang geus beurang ulah sare bae!
6. Lamun urang diajar enya-enya pasti bakal pinter.
7. Ulah diheureuyan budak teh bisi ceurik.
8. Naha lapar keneh apan/pan tadi geus jajan di kantin?
9. Perhatikeun cutatan teks pidato ieu di handap!
Ass. Wr. Wb.
Conto teks tadi asup kana bagian bubuka pidato.
10. Perhatikeun cutatan teks pidato ieu di handap!
Wa'alaikum salam Wr. Wb.
Conto teks tadi asup kana bagian panutup pidato.
11. Inti persoalan carita dina hiji carpon kaasup unsur tema
12. Runtuyan atawa rangkaian kajadian anu ngabentuk carita dina hiji carpon disebut unsur galur
13. Tempat jeung lumangsungna kajadian dina hiji carpon disebut unsur latar
14. Ku sabab tunduh pisan, reup manehna peureum dina korsi panjang.
15. Sanggeus sarapan, gedig Dani indit ka sakola.
16. Waktu dihirupkeun mesin Sanyona, cer caina mancer tina kran.
17. Lantaran diudag anjing, terekel naik monyet teh kana tangkal kai.
18. Kuring geus ngingetan yen eta teh bahaya, kuring embung kaciwit kulit kabawa daging lamun kajadian.
19. Eta perhiasan emas bisa dijual keur nebus resep obat mah, ngaranna oge banda tatalang raga aya milik mah engke meuli deui.
20. Perhatikeun conto surat dines di handap!
Kalimah-kalimah di luhur mangrupa conto eusi surat dinas.
21. Urang kudu loba ngucap sukur kana nikmat nu dipaparinkeun ku Gusti, ulah nepi ka jadi jalma anu kufur nikmat.
22. Dinten kamari Bapa sareng Mang Lili angkat ka Bandung.
23. Jadi kawajiban pikeun urang salaku siswa-siswi taat kana aturan sakola.
24. Perhatikan cutatan teks pidato ieu di handap!
Simkuring kalayan asmana pangurus OSIS SMPN 1 Cikarang ngahaturkeun nuhun ka sadaya rerencangan anu tiasa hadir dina ieu ..., nohonan pangulem kanggo ngalaksanakeun rapat koordinasi pangurus OSIS.
Kecap anu bener pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta acara
25. Hasil final pertandingan bola basket kamari, SMPN 1 Cikarang geus bisa ngelehkeun lawanna kalawan skor ahir 62-58. Ku kituna, SMPN 1 Cikarang jadi juara dina Kompetisi Bola Basket antar pelajar SMP sa-Kab. Bekasi.
Soal No.26-30 : sampurnakeun conto teks pidato di handap!
Ass. wr. wb.
Sumangga urang ngucapkeun puji sinareng sukur ka Gusti Nu Maha Suci.Jalaran ku rahmat sareng hidayah ti manten-Na pisan dina dangeut ieu urang tiasa hadir kalawan sehat wal afiat dina ieu acara.
Rerencangan sadaya sareng Ibu/Bapa guru nu dipihormat,
Ieu acara diayakeun nyaeta minangka sukuran, wireh sakola urang parantos kenging panghargaan ti Bapa Bupati salaku sakola pinunjul anu seueur prestasina. Alhamdulillah, para siswa di ieu sakola seueur anu jadi janten juara, boh dina olahraga boh dina kasenian. Jalaran kitu, tangtos urang kedah sukuran ka Allah SWT sareng ngadu'a mugi-mugi ieu prestasi teh tiasa terus dipertahankeun. Para siswa mugi terus sumanget hoyong ngahontal prestasi nu langkung luhur.
Teu hilap urang ge kedah ngahaturkeun nuhun ka Ibu/Bapa guru anu teras-terasan ngabina para siswa dugi ka tiasa gaduh prestasi nu dipkareueus.
31. Jelaskeun, bagian naon bae nu kudu aya dina naskah biantara (pidato)!
- Salam bubuka : Ucapan salam pembuka. Conto: Assalamu'alaikum wr wb
- Panganteur biantara : Wincikeun (uraian) panganteur ka arah materi poko.
- Materi poko biantara : Hal-hal poko anu rek diwincik dina waktu biantara.
- Kacindekan : Pengulangan sacara lengkep tapi singget ngeunaan hal-hal anu geus diwincik dina materi poko biantara.
- Panutup biantara : kekecapan anu dipake mungkas (mengakhiri) biantara.
- Salam panutup : Ucapan salam panutup. Conto: Wa'alaikum Salam
32. Jelaskeun, naon nu dimaksud biantara (pidato)? Ngebrehkeun atawa nepikeun pikiran ngaliwatan omongan ka jalma loba
33. Jelaskeun naon nu dimaksud carpon dina basa sunda? Karangan rekaan (fiksi) anu wangunna pondok, paling ukur 3-4 halaman
34. Sebutkeun unsur-unsur nu aya dina carpon! Tema, Amanat, Palaku, Latar, Galur
35. Jelaskeun naun nu dimaksud unsur amanat dina carpon! Pesan anu hayang ditepikeun ku pangarang
Terjemahan!
Teknologi Transfortasi
Teknologi Transfortasi
Pada abad ke-21 sekarang, manusia sudah sangat maju dalam bidang ilmu pengetahuan. Kemajuan itu meliputi bidang kehidupan, diantaranya kemajuan pada bidang transfortasi.Salah satu alat transfortasi anu yang sekarang masih digunakan, yaitu kereta api. Bagaimana sejarah perkembangan kereta api? apa sebabnya para ahli mau menciptakan kereta api modern? Kereta api adalah salah satu alat angkutan yang kelihatannya sudah lama sekali. Kendaraan yang bentuknya panjang ini, sudah mulai digunakan untuk mengangkut barang dan penumpang dari abad ke-19.